CONTOH LAPORAN KECAP RAJEKAN BAB III PENUTUP

BAB III
PENUTUP


3.1.       Kasimpulan
Kecap rajekan mangrupa hasil tina proses ngarajek seudeungkeun proses garajek nyaeta proses ngawangun kecap ku jalan ngarajek (malikan) wangun dasar sagemblenganana atawa sabagian boh dinarung ku variasi fonem boh heunteu, bisa make rarangken bisa heunteu.
Secara gurat badag ditilik tina wanguna, kecap rajekan ngawengku :
a.       Dwilingga
b.      Dwipura
c.       Dwimadya
d.      Trilingga
Fungsi ngarajek kecap ngawengku 5 fungsi, nyaeta :
-          Fungsi Nominal
-          Fungsi Verbal
-          Fungsi Ajektival
-          Fungsi Numeral
-          Fungsi Partikel
Ciri rajekan kecap basa sunda ngawengku :
a.       Ciri Sematik
Ciri sematik kecap rajekan aya tilu, nyaeta :
-    Wagun dasar kecap rajekan salawasna miboga harti anu beda jeung harti rajekanana.
-    Proses ngarajek bakal nimbulkeun harti anyar
-    Harti nu dihasilkeun mangrupa harti gramatikal


b.      Ciri Morfologi
Ciri morfologis kecap rajekan aya opat, nyaeta :
-    Ayana parobahan wangun, tina wangun dasar jadi wangun rajekan.
-    Sakapeung aya kategori atawa warna kecap anyar.
-    Wangun kecap siga kecap rajekan, tapi masih keneh bisa dirajek, lain wangun rajekan.

-    Wang rajekan tina wangun dasar anu teu miboga harti tapi bisa mandeg mandiri saeunggeus ngalaman proses morfologis.
0 Komentar untuk " CONTOH LAPORAN KECAP RAJEKAN BAB III PENUTUP "

Back To Top